Tiisna Cai, Panasna Duit " Paparahi hayang jadi Dirut ngaca KA Raski nginum cai jadi BUI "
HUMORIA JALANAN
Tiisna Cai, Panasna Duit " Paparahi hayang jadi Dirut ngaca KA Raski nginum cai jadi BUI "
Jam dinding di rohang kerja Mang Karna nunjukkeun pukul 09.00 WIB. Panon manéhna teu lesot tina layar laptop nu nembongkeun warta online. Judul berita poé harita nyieun dadana simpé, tapi huluna asa oyag.
Aya ngaran hiji pajabat ngora, Raski, nu baheula kasohor pinter tur dipikanyaah ku balaréa, ayeuna kapaksa maké baju oranye bari diborgol alatan kasus korupsi proyek cai bersih.
Mang Karna, pagawé lami di salah sahiji pausahaan pangurus cai, gogodeg bari nyarita dina haténa, "Paparahi hayang jadi Dirut ngurus cai... ngaca ka Raski, nginum cai jadi di bui."
Ambisi Mang Karna ti saprak mangtaun-taun katukang téh hayang pisan naék kalungguhan jadi Direktur Utama.
Manehna ngarasa geus lila nyangking pangalaman. Tapi saprak aya béja ngeunaan seleksi Dirut CAI nu bakal dibuka, anjeunna mimiti hariwang bari semu ambek ka dirina sorangan.
Komo deui lamun nengetan batur nu sarakus hayang jadi Dirut CAI, salah léngkah saeutik baé, akibatna geus pasti: ngalaman milu ngajajar di rohangan tahanan bari maké baju oranye.
Pikiran Mang Karna ngalayang ka jaman baheula. Mun dilenyepan mah, ceuk pikirna, bener ogé paribasa kolot: Sugan mah énak tiisna cai, tapi kanyataanana bisa nyéréd jalma kana sél bui. Cai nu sakitu tiisna, nu dipikaresep ku balaréa, lamun diurus ku leungeun nu kotor ku niat jahat, robah jadi caah nu ngancurkeun hirup.
"Ah, bener-bener jaman édan ayeuna mah," gerentes Mang Karna bari ngeclakkeunpeujitna ka méja. "Loba nu tadina waras ngadadak gélo, poho di daratan, akibat ku ambisina nu luhur teuing hayang buru-buruugeut jadi nu pangluhurna."
Wanci siang, Ujang, anak buahna nu masih ngora tur getol, datang mawa berkas laporan bulanan ka rohangan Mang Karna.
Ujang nempo dununganana semu keur ngalamun jero pisan.
"Mang, aya naon? Némbongan siga nu keur bingung ku dunya," ceuk Ujang bari seuri konéng.
Mang Karna ningali ka Ujang. Anjeunna tuluy narik napas panjang, nepok taktak éta barudak ngora kalayan daria.
"Ujang, déngékeun piwuruk ti kolot mah. Pépéjéh, ulah pati ngahayal hayang ngahontal nu luhur lamun can kaawakan mah.
Bisi kabawa palid ku caahna duit panas. Mending kénéh hirup basajan tapi haté tengtrem, tinimbang muluk-muluk hayang jadi pamingpin gedé tapi tungtungna sarua jeung ngali kuburan sorangan."
Ujang Kerang kerun teu kaharti, tapi tina nada sora Mang Karna, manéhna bisa nangkep hiji palajaran penting: korsi kakawasaan téh lain tempat pikeun nénjo kasenangan, tapi ujian nu bisa ngajungkelkeun saha wé nu teu kuat iman.
Mang Karna tungtungna seuri leutik, ngaleupaskeun angen-angen jadi Dirut nu matak bahaya. Kasadaran datang leuwih tiheula saméméh kaduhung katandangan.
Hiji paguneman pondok ngeunaan hiji wanci: wanci milih jalan jujur atawa ancur ku ambisi.
Irsyamba


