Muka Kedok Kakawasaan anu Matak Mabok "Lancekna sorangan sangsara teu di palire"
HUMORIA JALANAN
Muka Kedok Kakawasaan anu Matak Mabok
"Lancekna sorangan sangsara teu di palire"
Kakawasaan téh ibarat inuman keras; lamun teu kuat imanna, bisa matak mabok. Panon jadi kabur, ceuli jadi torék, jeung haté jadi tiis. Nu tadina dulur bisa robah jadi batur, sedengkeun penjilat malah diaku jadi balad anu pangdeukeutna.
Geus nyekel kakawasaan mah, poho ka lanceuk kandung sorangan gé. Lanceukna keur nganggur, hirup pas-pasan, bari jeung pamajikanna keur gering ripuh kudu cuci darah. Pikeun meuli pampers sabaraha puluh atawa saratus rébu ogé hésé kacida. Nepi ka ménta tulung ka ajudanna gé, kalah teu dipaliré, teu didéngé saeutik-eutik acan.
Tapi ari ka batur mah, kalah gercep pidsn! Gancang nganjang, gancang ngalongok ka nu gering, bari jeung poto-poto atawa disorot kaméra. Saolah-olah pangpedulina ka masarakat. Padahal éta téh ukur kedok wungkul demi rétorika kakawasaan politik, néangan simpati sangkan dianggap pamingpin anu nyaah ka rahayat.
Padahal mah jeroanana téh paduli teuing! Nu penting mah aing beunghar, aing dipuja, aing boga kawasa. Kakana sorangan gé teu dipaliré, komo deui jalma lian anu ukur dijadikeun tangga pikeun naék kana korsi kakawasaan.
Chemonk


