PUISI KU "Hujan nyedek janari"
0 menit baca
PUISI KU
Hujan nyedek janari
Cur hujan
Di Agustus 2025
Nyingrai panas
Nu ngaheab kana raga
Sedek sore maju ka peting
Langit surti
Niisken mahluk nu aya di bumi
Nya hujan
Hujan nu kiwari can raat
Hujan nu nyedek janari
Hawa peting Agustus
Ngekepan kacape
Raga
Nu sapopoe ngudag sawangan
Peting ieu
Nyarande ka bale lamunan
Isukan kudu lewih sumanget
Sangkan kahayang
Kahontal jajap kabagjaan
Bagja bisa ninggalken
Kotretan carita
Nu bakal di kenang
Ku anak incu pageto
Eunteung ker anjen
Panerus hirup
Hujan yedek janari
11 Agustus 2025
Pujangga Renta
Irsyamba


